Isuk-isuk
sakadang kuya moyan di sisi leuwi. Keur kitu torojol sobatna nya éta Sakadang
Monyét.
“Sakadang Kuya!”
Sakadang Monyét ngageroan.
“Kuk!” Témbal
Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya!”
“Kuk!”
Sakadang Monyét
nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Keur naon
Sakadang Kuya?”
“Ah keur kieu wé,
keur moyan.”
“Ti batan cicing
kitu mah mending ngala cabé, yu!”
“Di mana?”
“Di kebon Patani,
mangka cabéna geus bareureum.”
“Embung, ah.
Sakadang monyét mah sok gandéng.”
“Moal, moal
gandéng ayeuna mah.”
“Nyaan moal
gandéng?”
“Moal, nyaan moal
gandéng.”
“Hayu atuh ari
moal gandéng mah.”
Bring atuh
Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya téh indit ka kebon patani. Barang tepi ka
kebon, katémbong cabé pelak patani geus arasak mani bareureum euceuy. Sup
duanana ka kebon. Sakadang Kuya moncor kana pager, ari Sakadang Monyét
ngaluncatan pager. Terus baé ngaralaan cabé, didalahar di dinya kénéh.
Sakadang Kuya
mani seuhah-seuhah baé ladaeun. Kitu deui sakadang monyét. Keur kitu, ana
gorowok téh Sakadang Monyét ngagorowok.
“Seuhah
lata-lata!” Maksudna mah “seuhah lada-lada”.
“Ssst, Sakadang
Monyét, ulah gandéng atuh!”
Sakadang Monyét
henteu ngawaro.
“Seuhah
lata-lata!”
“Sakadang Monyét!
Bisi kadéngéeun ku Bapa Tani.”
Tapi Sakadang
Monyét api-api teu ngadéngé. Gorowok deui baé.
“Seuhah
lata-lata!”
Kahariwang
Sakadang Kuya kabuktian. Sora Sakadang Monyét anu tarik kadéngéeun ku Bapa Tani
ti imahna, anu teu jauh ti kebonna. Bapa Tani gura-giru lumpat ka kebon. Barang
nepi ka kebon, katémbong aya monyét jeung kuya keur ngaweswes bari seuhah
ngadaharan cabé.
“Beunang siah nu
sok malingan cabé téh!” Bapa Tani ngagorowok bari lumpat muru ka nu keur
ngahakanan cabé.
Ngadéngé aya nu
ngagebah, gajleng baé Sakadang Monyét ngejat, térékél kana tangkal kai.
“Sakadang Monyét,
dagoan!” Sakadang Kuya ngagorowok ménta tulung. Tapi Sakadang Monyét teu
maliré, teu ngalieuk-ngalieuk acan, terus lumpat gagalacangan dina tangkal kai.
Ari Sakadang Kuya, puguh da teu bisa lumpat, leumpang ngadédod baé. Kerewek baé
ditéwak ku Bapa Tani.
“Beunang ayeuna
mah nu sok malingan cabé aing téh. Ku aing dipeuncit!” Ceuk Bapa Tani.
Kuya dibawa ka
imahna, tuluy dikurungan ku kurung hayam. Angkanan Pa Tani, isukan kuya rék
dipeuncit.
Peutingna,
sakadang Monyét rerencepan ngadeukeutan Sakadang Kuya, nu keur cendekul dina
jero kurung.
“Ssst, Sakadang
Kuya, keur naon?” Sakadang Monyét nanya.
“Éh, geuning
Sakadang Monyét, Puguh kuring téh keur ngararasakeun kabungah.”
“Kabungah naon
Sakadang Kuya?”
“Nya éta, kuring
téh rék dikawinkeun ka anak Bapa Tani.”
“Dikawinkeun ka
anak Bapa Tani?”
“Enya.”
”Nu bener
Sakadang Kuya?”
“Piraku atuh
kuring ngabohong ka sobat.”
“Ngadéngé omongan
Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyét ngahuleng sajongjongan.
“Kieu, Sakadang
Kuya, kumaha lamun urang tukeur tempat?” ceuk Sakadang Monyét.
“Tukeur tempat
kumaha?”
“Enya tukeur
tempat. Sakadang kuya kaluar, kajeun kuring atuh cicing di jero kurung.”
“Ah, embung.”
“Kuring mah
karunya wé ka Sakadang Kuya, sapeupeuting dikurungan.”
“Atuh meureun
moal jadi dikawinkeun ka anak Bapa Tani téh.”
Sakadang monyet
keukeuh maksa, supaya tukeur tempat. Antukna sakadang kuya téh éléh déét.
“Heug baé tukeur
tempat, tapi aya saratna,” ceuk Sakadang Kuya.
“Naon saratna?”
“Saratna mah
gampang. Saméméh anjeun asup kana kurung, kuring kudu di alungkeun heula ka
leuwi.”
“Enya, énténg
atuh kitu mah.”
Heunteu talangké,
Sakadang Monyét ngaluarkeun Sakadang Kuya tina kurung hayam, tuluy dibawa
kasisi leuwi. Lung baé Sakadang Kuya téh dialungkeun ka leuwi. Sakadang Monyét
buru-buru balik deui ka imah Bapa Tani. Sup baé ngurungan manéh ku kurung
hayam. Ngadedempés ngadago-dago beurang, hayang geura buru-buru dikawinkeun ka
anak Bapa Tani.
Kocapkeun isukna.
“Manéhna, ka mana
bedog téh? Urang asah,” ceuk Bapa Tani ka pamajikanana.
“Rék naon Bapana
isuk-isuk geus ngasah bedog?”
“Itu urang
meuncit kuya di pipir.”
Paguneman Bapa
Tani jeung pamajikanana téh kadéngéeun ku Sakadang Monyét. Manéhna ngagebeg.
Lakadalah, geuning aing téh rék dipeuncit, lain rék dikawinkeun jeung anak Bapa
Tani. Rék kabur, geus kagok. Kaburu aya anak Bapa Tani nyampeurkeun. Gancang
baé atuh Sakaadang Monyét téh papaéhan, ngabugigag kawas bangké.
Barang srog ka
dinya, anak Bapa Tani gegeroan ka bapana.
“Bapa! Bapa!”
“Aya naon, Nyai?”
“Ieu geuning nu
dina kurung téh lain kuya.”
“Naon Nyai?”
“Monyét, jeung
siga nu geus paéh deuih!”
Bapa Tani nu keur
ngasah bedog cengkat, tuluy nyampeurkeun ka anakna. Enya baé geuning dina
kurung téh aya monyét ngabugigag, lain kuya nu kamari. Kurung dibukakeun,
monyét dialak-ilik.
“Naha bet jadi
monyét? Jeung paéh deuih.”
“Enya, éta mani
geus jeger kitu,” ceuk pamajikanana mairan.
Monyét téh
dicokot ku Bapa Tani, lung baé dialungkeun jauh pisan. Barang gubrag kana
taneuh, koréjat monyét téh hudang, berebet lumpat, kalacat baé naék kana
tangkal kai.



0 komentar:
Posting Komentar